KISI-KISI BASA SUNDA ASSESMEN MADRASAH SEMESTER GANJIL
KELAS XI
1. Anu henteu kaasup dina unsur Intrinsik carpon nya éta….
2.
Karya sastra anu diréka dina basa lancaran, kalawan ukuranana pondok disebut….
3. Ieu di handap anu
henteu kaasup kana ciri-ciri carpon nya éta……
4.
Si Narsim murid kelas 1 SD. Anu umurna can
sawawa. Manéhna geus disanghareupkeun kana kahirupan nu motah lir
galura laut kidul. Unsur intrinsik nu kagambar dina padalisan ka-3 nya éta….
5. Ieu di handap kaasup
ciri-ciri carpon iwal…..
6. ”Panon poe geus
lingsir ngulon. Sakeudeung deui tereh Asar. Si Narsim masih nanawarkeun koran.
Mun pareng lampu stopan beureum. Sorana geus peura. Awakna kucel. Padahal can
beubeunangan. Tapi Si Narsim teu peunggas harepan.”
Tina cutatan carpon di luhur watek Si Narsim nya
eta…..
7. Panon poe
geus lingsir ngulon, kira kita tabuh sabaraha?
8. Datang ka
imah teh geus sore.
”Geuning sonten? Pamajikan nanya.
“Ka bengkel heula, ngomean mobil,” tembal kuring bari
ngodok saku.
Kalimah padalisan ka-3 ngagunakeun puser sawangan
(sudut pandang) jalma ka sabaraha?
9. ‘Tah eta teh lama,
siga domba tapi beuheungna panjang. Itu kuda nil. Tuh, itu gajah, itu uncal,
aya maung coreleng sarare dina papanggungan, itu singa sarare wayah kieu mah”
Latarna di mana?
10. Dina carpon sok
kapanggih hal anu nuduhkeun ajaran moral/etika hade gorengna anu bisa ditarima
ku balarea. Bangsaning sikep, kalakuan, pikiran, ahlak, tatakrama. Biasana eta
hal teh kaasup unsur intrinsik …..
11. Novel Sunda munggaran anu dicitak
ku PT Balai Pustaka taun 1914 nya éta….
12. Novel “Baruang ka nu Ngarora” di karang ku …….
13.
Waktu, tempat, jeung kaayaan lumangsungna hiji kajadian dina novel nya éta….
14.
“Naha da Aom Usman mah apaleun ka Nyai? Pantes baé
da pameget mah sok anclongan.” (Dicutat tina novel “Baruang ka nu Ngarora”). Kecap
anclongan hartina…..
15.
Nyi Rapi’ah jeung Ujang Kusen téh lir
Rama jeung Shinta, atawa idéal. Kecap sinonim nu dicitak miring nya éta….
16. Nu kaasup sasaruan novel jeung carpon…..
17. Nu kaasup ciri-ciri novel, iwal………..
18. “Jang pangmiceunkeun runtah kana tong!” ceuk Ummi.
Kalimah teu langsungna
jadi……..
19. “Iraha Idan pagelaran wayang
golek di Lapang Lodaya teh? ceuk Dandi. Kalimah teu langsungna jadi….
20. Bulan anteng ngintip na sela-sela tangkal camara. Kaasup kana gaya
basa….
21. Usman nanya ka Romli,
ngeunaan katangtuan pasanggiri nulis carpon. Kalimah langsungna jadi……..
22. “Dina harewosna angin gunung nu lalaunan ngusapan. Aya catetan
anyar dina lambaran, bukaeun isuk jaganing geto.” Kaasup gaya basa……
23. Nu kaasup kecap rajékan dwi murni, iwal…..
24. Nu kaasup kecap rajékan dwipurwa nya éta…
25. Nu kaasup kecap rajékan dwiréka, iwal…..
26. 1. Sésépak
2. Lulucon
3. Supak-sépak
4.
Untar-anteur
5.
Tetengger
6.
Blag-blig-blug
Nu kaasp
kecap rajékan
dwipurwa nya éta
nomer…
27. Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma,
disebut….
28. Biografi asalna tina basa……
29 Ieu di handap nu teu kaasup kana wanda jeung sifat riwayat hirup nya
eta….
30. Ieu di handap hal-hal nu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi nya
eta….
31. Ieu di handap aya unsur-unsur biografi, iwal…
32. Desa Cipeundeuy ngayakeun rapat RT di …..
33. Di daerah Gunung Sungging mah aya tempat nyieun kenteng atawa bata
disebut….
34. Mang Amir keur nyieun kandang
japati dina tangkal manggah. Kandang japati disebutna…
35. Cing Jang pangnyandakkeun said di leuit!. Kecap leuit hartina …….
36. Potongan wangunan imah anu tungtung suhunanana make awi atawa kai
dicagakkeun kawas gunting rek nyapit disebut suhunan….
37. Potongan wangunan imah anu suhunanana mirupa parahu nangkub,
disebut….
38. Potongan suhunan badak heuay teh nya eta…..
39. Rohangan imah anu ditukang paranti mirun seuneu disebut….
40. Bagian imah panghareupna anu digeblangkeun paranti narima semah,
ngawangkong jeung tatangga disebut….
41. Sabangsa bangku dijieunna tina kai atawa awi gunana pikeun turun
unggah ka imah disebut….
42. Tempat pabeasan jeung tempat neundeun kadaharan biasana di jero imah
bagian tukang disebut…..
43. Novel “Cinta Pabaliut” karangan Edi D. Iskandar kaasup novel….
44. “Mayit dina Dahan Jengkol” kaasup novel…..
45. Nu kaasup novel sajarah nyaeta….
46. Tatabeuhan tina awi anu nyorana kudu dioyagkeun, kadengena ngurulung…..
47. Tatabeuhan tina ruas awi iga-igana ditiir kenca katuhu
disambung-sambungkeun ditakolna bari dijingjing disebut…
48. Tatabeuhan nu sok dipake ku tukang pantun atawa tembang cianjuran,
wangunna siga parahu leutik disebut…..
49. Tatabeuhan nu dijieunna tina ruas awi anu dikohokan, dipaenkeunna ku
cara ditiup disebut….
50. Parabot tatabeuhan anu ditiup, dijieunna tina kai anu diliangan
tengahna, biasana dipake dina tatabeuhan kendang penca atawa silat disebut…
Komentar
Posting Komentar