Conto Carpon Sunda
TARATE LIGAR
‘NA HATE
Ku Ambu Fatih
Cenah…,
anak bungsu mah sok ogo, manja, belikan, tapi éta hal teu aya di diri kuring. Kuring mandiri
dididik di hiji organisasi. Kuring teu belikan, ceuk babasan mah teu épés méér. Justru
kuring leuwih kuat dina nandangan sagala rupa. “Anak pantaaai …..gitu loh…”
Pedah padumukan kuring deukeut ka arah
laut Ujung Genténg.
Geus
méh dua taun
katiluna, kuring icikibung di éta
organisasi nu ngagedékeun
diri kuring jadi pribadi nu mandiri. Loba cakah-cikih ka
ditu- ka dieu, loba nyéépkeun
waktu pikeun gempungan jeung réngrénganana, taya
lian ti keur ngatur strategi jeung ngébréhkeun ide-ide keur lumangsungna hiji kagiatan.
Teu
engeuh, kuring loba nu niténan,
nu nyérangkeun, nu hayang
wawanohan, jeung réa-réa deui. Pangrasa kuring mah asa biasa-biasa, cara nu
lian. Kuring hiji lalaki nu loba katuna. Tapi teu saeutik nu nyebut kuring hiji
lalaki dedeg sampé
rupa hadé. Matak tong
anéh, loba wanoja
nu nyidem rasa cintana. Kitu deui kuring, hiji lalaki normal, nu resep ka hiji wanoja nu sampurna.
Basa
keur PPDB, kuring loba ngatur jeung
ngajeujeuh siswa anyar, nu masih kénéh
siga hayam panyambungan. Bapa pembina éta organisasi, omat-omatan ka kuring katut
batur-baturna, “Kadé
kudu bisa ngajeujeuh siswa anyar nu ti Nagara Arab!”
“Gebeg……!”
kuring rada ngagebeg. “Duuh…. pasti kudu bisa Basa Arab. Kuring bisa
Basa Arab ukur saongkoseun. Tapi….., teu
kituna kétang......,
dina raport ogé
kuring meunang peunteun 90. Bisa meureun…Basa Arab saeutik-eutikeun. Kakarak, hadza-hadza
waé mah….hé….hé….
Dina acara wawanohan, kuring panasaran ka siswa anyar nu ti Arab téa. Saha ngaranna jeung nu mana téa rupana. Geus kabayang, nu ka ngaranan turunan Arab mah pasti aralus.
Teu lila, Bapa pembina nganteurkeun siswa anyar nu ti Arab téa, ka ruangan PPDB. Adi lanceuk. Duanana awéwé. Bener ceuk pangrasa kuring, gareulis duanana ogé.
Kuring
balik ti sakola rada burit. Awak rancucut kahujanan. Ma’lum na motor, ukur dihélm wungkul,
teu mawa jas hujan. Pédah
isuk-isukna cuaca cangra. Bérés ti cai
tuluy istirahat, ngareureuhkeun kacapé sapopoé mokét di sakola. Teu lila ngong adzan Isa. Kuring
buru-buru ka masigit solat. Asa teu siga sasari, naha bet kuring hésé ingkah ti
pangsujudan. Inget baé
kokolébatan némbongan ‘na
lelembutan, kalangkang wanoja Arab anu panggedéna.
Balik
ti masigit sajajalan mikiran éta
wanoja. “Kumaha nyaritana? Rék
nanya saha ngaranna?”
Kuring
kapincut ku manéhna,
ku pangawakanana. “Disawang ti tukang lenjang. Ditilik ti gigir lengik.
Diteuteup ti hareup sieup. Nya irung kuwung-kuwungan. Nya halis katumbirian.
Kulit héjo carulang.
Gado endog sapotong. Biwir galing lir jeruk sapasi. Laaaaaah pokona mah……perfécto…..!”
Eta
wanoja téh kalem, sopan,
jeung murah senyum. Tah, hal éta pisan palebah imutna,
nu ngalantarankeun haté
kuring lé’éh, léah manah téh. Ieu meureun
taraté kuring ligar di émpang. Endah pulas
kayas, caina canémbrang
hérang, laukna
beunang.
Siga
terus rasa, éta
wanoja ngarasakeun hal nu sarua siga
kuring. Teu karasa ramo leungeun ngopépang mencétan hapé. Klik kana youtube, lagu éra taun
‘90an, Déwa 19 judulna
“Pupus”
. “Baru kusadari……Cintaku bertepuk
sebelah tangan…….”
Naha….., bet muka ieu? Dasar! Ieu ramo tétégéeun….bari diképrét-képrét ramo
leungeunna.
“Teu!....Teu Pupus…….! Ceuk sisindiran ogé, “Batu turun, keusik naék. Batur purun, abdi daék.” Cinta
kuring ukur keur manéhna.
Mangkak …..ligar….karembangan…….titik.
Surade, 7 November 2022
(Tabuh22.22 WIB)
*) Bilih aya nu kirang apal harti tina kekecapan carpon di luhur mangga taroskeun di kolom komentar!
Komentar
Posting Komentar