CARITA
PONDOK (CARPON)
1.
Wangenan (definisi)
Carpon (carita
pondok) teh tarjamahan tina basa Inggris nya eta short story, dina basa Indonesia disebut cerpen. Carpon teh kaasup
karya sastra sampeuran, ti Walanda (Eropa) kira-kira abad ka-19 katompernakeun
(ahir).
Carpon nya eta karya
sastra wangun carita rekaan (fiksi) ditulis dina basa lancaran (prosa) tur
ukuranana pondok.
Buku kumpulan carpon
munggaran (mimiti) dina sastra Sunda Nya eta "Dogdog Pangrewong"
Karya G.S (ngaran samaran) wedalan PT Balai Pustaka taun 1930. Aya nu disebut
Hadiah Sastra Rancage nya eta hadiah anu dipasrahkeun pikeun buku sastra Sunda
pangpunjulna (pangalusna) unggal taun.
Buku kumpulan carpon
anu dileler hadiah sastra Rancage nya eta:
- Jajaten Ninggang Papasten, karya Yus Rusyana (dileler taun 1989);
- Halimun Peuting, karya Iskandarwassid (dileler taun 1990); jsb
2.
Ciri-ciri Carita Pondok
- Sumebarna
sacara tinulis;
- Wangunna
relatif pondok;
- Palakuna
teu pati loba;
- Galurna
basajan;
- Dipikanyaho
anu nulis atawa ngarangna;
- Eusina
mangrupa rekaan tina realitas kahirupan sapopoe.
3.
Unsur-unsur Carita Pondok
Unsur carpon teh aya
dua, nya eta unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik.
Unsur
intrinsik nya eta unsur anu nyampak jeroeun karya anu ngawangun gemblengna
(keutuhan) eusi carpon. Unsur intrinsik ngawengku:
a. Jejer (tema) nya eta gagasan awal
(inti carita) nu hayang ditepikeun ku pangarang dina carita.
b. Palaku
(tokoh) nya eta jalma nu ngalalakon dina carita. Palaku anu boga watek
hade (protagonis), palaku nu boga watek goreng (antagonis), jeung palaku
tambahan/penengah (tritagonis).
c.
Latar (setting) nya eta lingkungan nu jadi dasar
lumangsungna kajadian dina carita. Latar aya tillu nya eta:
1). Tempat (nuduhkeun kampung, kota, imah,
sakola, jeung patempatan sejenna);
2).
Waktu (nuduhkeun beurang, peuting, sore, isuk, jam, tanggal, taun, jeung
sajabana);
3).
Suasana (nuduhkeun sedih, bungah, jempling, rame, jeung sajabana).
d. Galur
nya eta jalan carita atawa runtuyan kajadian anu lumangsung ti awal nepi ka
ahir carita. Galur aya tilu:
1). Galur merele (maju);
2). Galur mundur (flashback);
3). Galur mobok tengah (campuran).
e. Puseur sawangan (point of view/sudut
pandang), nya eta cara nyawang nu dipake ku
pangarang dina midangkeun palaku latar jeung kajadian dina carita. Puseur sawangan
aya dua:
1). Jalma kahiji (tokoh kuring);
2). Jalma katilu (tokoh manehna, disebutkeun
ngaranna).
f. Amanat (ajen moral) nya
eta pesen nu hayang ditepikeun ti pangarang ka nu maca (saperti: etika,
tatakrama, kalakuan, sikep, sarta ahlak hade jeung goreng dina kahirupan).
Amanat anu ditepikeun langsung (kauni/tersurat), aya nu teu langsung (nyamuni/tersirat).
Unsur ekstrinsik nya eta unsur nu aya luareun karya nu
mangaruhan eusi carpon. Contona: patalina eusi carpon jeung kamekaran jaman,
kabiasaan masarakat (adat), kahirupan pangarang (kasang tukang/latar belakang)
pangarang nu teu langsung kabawa kana carita, jeung sajabana.
Cag!
Ayeuna hidep maca hiji carpon tuluy analisis unsur intinsikna! Klik link ieu di handap!
👇👇👇
DAFTAR PUSTAKA
Andriansyah, Ari.(2022). Cahara Basa XI. Bandung: CV Geger Sunten.
Sudaryat, Yayat. (2017). Panggelar Basa Sunda XI. Jakarta: Erlangga.
Komentar
Posting Komentar