2.1 MIKAWANOH
WAYANG
Wayang
nya éta sarupa jejelemaan tina kulit
atawa tina kai nu diibaratkeun anu dilalakonkeunana dina carita Mahabarata,
Ramayana, jsté. Dina pagelaran wayang, Ki Dalang biasana sok dipirig ku gamelan
jeung sindén (KUBS, 1995: 561).
Wayang
nya éta hiji wangun seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis
jeung réa-réa deui (Pasha, 2011: 17). Pranowo nétélakeun; “wayang nya éta
salasahiji wangun téater tradisional nu pangbuhunna” (2011: 1). Sedeng
numutkeun Ruhaliah, wayang téh asal
kecapna tina wa jeung hyang. Wa nya éta wadah, hyang nya éta
déwa (2002: 52).
Dina
abad ka-4, jalma-jalma nu ngagem agama Hindu datang ka Indonésia, utamana para
padagang. Dina éta kasempetan urang Hindu mawa ajaran kitab Wéda jeung carita
épos/épic India nya éta Mahabarata jeung Ramayana dina basa Sanskrit
(Sanskerta). Abad ka 9, muncul carita dina basa Jawa kuna dina wangun kakawén
nu nyindek kana carita Mahabarata atawa Ramayana. Contona Arjunawiwaha karangan
Empu Kanwa, Bharatayuda karangan Empu Sédah jeung Empu Panuluh, Kresnayana
karangan Empu Triguna, Gatotkaca Sraya karangan Empu Panuluh, jrrd (Pranowo,
2011: 4)
Wayang
nu aya di Pasundan téh asalna ti Jawa. Salmun (1942: 1) sapamadegan jeung
Hazeu, yén wayang jeung ngawayang teh asli Jawa. Carita anu dilalakonkeunana
mah mémang nyokot tina carita Mahabarata jeung Ramayana nu aya di India. Cirina
upamana nyebutkeun lalampahan di nagara Astina, Wirata, Madura, Amarta, jsté.
Lian ti éta, mébérna kelir, hurungna balincong, ngabaralangna dalang,
haleuangna Nyi Juru sekar/sindén, agemna tatabeuhan, jeung ngigelkeunana
wayang.
Salasahiji
tempat mimiti mekarna seni wayang Golék di Pasundan nya éta Cirebon dina mangsa
Sunan Gunung Jati (1479-1568) nyekel kakawasaan pamaréntahan. Wayang nu mekar
di Cirebon harita nya éta wayang Golék Papak/Cepak nu dimangpaatkeun pikeun
da’wah Islam. Cenah baheula minangka mayarna téh nya éta maca dua kalimah
syahadat. Carita nu dilalakonkeunana nya éta Amir Hamzah (Suryana, 2002: 74-75).
Wayang
Golék ti Cirebon beuki lila beuki jauh asupna ka Priangan atawa tatar Pasundan.
Nu bisa ngadalang beuki réa lantaran kajurung ku resep. Ti harita wayang Golék
mimiti punjul dipikaresep ku urang Sunda, lantaran jaba ti beunang ditanggap
nya ti beurang, nya ti peuting téh. Bangunna ogé leuwih mijalma, lantaran
sasatna awak sakujur teu béda ti jelema maké kedok, nu teu témbong téh ngan ti
semet cangkéng ka handap, tapi lantaran disampingan, jadi asa aya baé awak
bagian ka handapna téh (Salmun, 1942: 9).
Salian
ti wayang Golék, wayang di Pasundan nu kungsi aya téh nya éta wayang Lilingong,
kitu gé ayeuna mah pohara arangna. Baheula kungsi aya wayang Lilingong téh di
Pacet (Cianjur), taun 1932. Wayang Lilingong téh arék cara wayang Golék baé,
tapi pohara daraponna kawas anu sakadaék baé ngarékana. Ngaran-ngaranna ogé
béda jeung wayang Purwa. Tatabeuhanana pohara basajanna, upama dibandingkeun
jeung tatabeuhan (saléndro) dina Golék, nepi ka jiga anu dapon araya soraan baé
dina pagelaranana téh. Lalakonna di antarana Mupu Kembang jeung Jambatan
Beusi.
2.2 MIKAWERUH CARITA JEUNG ISTILAH BAGIAN PAGELARAN
WAYANG
Carita
wayang téh nya éta carita nu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Ari nu
jadi babon (sumber) carita wayang téh nya éta carita Mahabarata jeung Ramayana,
anu umurna éta dua carita téh leuwih ti 2000 taun.
Carita
Mahabarata téh dianggit atawa
dikarang ku Wiyasa. Panjangna 200.000 jajar atawa 100.000 sloka. Dina Mahabarata, palaku utama anu nyekel
kaadilan téh nya éta palaputra Pandawa.
Sedeng pihak musuhna nya éta palaputra Kurawa.
Anapon
carita Ramayana mah dianggitna téh ku
Walmiki. Panjangna 48.000 jajar atawa 24.000 sloka. Dina carita Ramayana
mah palaku utamana téh Batara Rama,
sedeng musuhna téh nya éta Prabu Rahwana
atawa Dasamuka.
Kasenian
wayang golék diwangun ku dalang, juru
kawih (sindén), juru gending (nayaga), jeung ilaharna ditambahan ku juru alok. Dina pagelaran wayang golék,
dalang téh minangka lulugu atawa pupuhu nu mingpin prakna pagelaran. Dalang nu
ngigelkeun wayang, ngalalakonkeun caritana, nembangkeun kakawén, ngalaksanakeun murwa,
nyandra, katut nyoarakeun antawacana.
Di
handap pedaran ringkes istilah-istilah pagelaran wayang nu disebutkeun di
luhur:
Kakawén =
Tembang dalang dina pagelaran wayang golék. Ngagunakeun basa Kawi nu
eusina mangrupa déskripsi gambaran kaayaan adegan nu dicaritakeun
Murwa =
Kekecapan bubuka dalang sabada kakawén. Ilaharna ku basa Kawi, ngan
Lobaogé nu maké basa Sunda. Diucapkeun bari
dipirig ku gamelan nu
hawar-hawar
Nyandra =
Prolog dalang sabada murwa. Eusina
ngagambarkeun kaayaan tempat,
déskripsi
dedeg-pangadeg, kagagahan, dangdosan, sipat, watek, atawa tabéat
hiji tokoh,bari dipirig ku gamelan nu
sorana hawar-hawar
Antawacana = paguneman atawa dialog antar tokoh wayang. Katapisan dalang
marigelkeunantawacana jadi ukuran penting
kapercékaan hiji dalang.
Sabab, nalika dalangngalaksanakeun
antawacana, sora hiji tokoh wayang
jeung tokoh séjénna téhkudu pisan kadéngé bédana,
jeung dalang kudu bisa
nyirikeun ciri khas unggal tokohna
séwang-séwangan.
2.3 RINGKESAN CARITA MAHABARATA
(Pandawa jeung Kurawa)
Prabu Pandu Déwanata téh hiji raja ti karajaan Astina. Anjeuna boga putra lima sadulur anu baris katelah Pandawa Lima, anu dilahirkeun ti dua
istrina nya eta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Éta Pandawa Lima ti nu
panggedéna nepi ka pangleutikna téh nya éta; Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa. Yudistira boga
ngaran kanyaah atawa ngaran leutikna nya éta Puntadewa, Bima ngaran
leutikna nya éta Séna, Arjuna ngaran leutikna téh Permadi, dilahirkeun ti ibu Déwi Kunti. Sedeng Nakula nu boga ngaran leutik Punten, jeung Sadéwa
nu boga ngaran leutikna Tangsen
dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim.
Hanjakal Pandu Déwanata tilar keur
ngora kénéh, sarta barudakna masih laleutik. Alatan barudakna tacan bisa
nyarekel kadali pamaréntahan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara karajaan
Astinapura, korsi pamaréntahan pikeun saheulaan dipasrahkeun ka Déstarata salaku lanceuk Pandu
Déwanata. Jaga lamun palaputra Pandawa Lima geus sawawa, mangka Astinapura
baris dipasrahkeun ka aranjeuna salaku pawaris hak tahta anu sah.
Déstarata téh pisikna teu sampurna, dua panonna teu ningali alias lolong.
Salian ti éta, pamadeganana kurang kuat, gampang robah, gampang dihasut tur
gampang diolo ku barudakna anu jumlahna saratus, katelah palaputra Kurawa. Ampir sakum palaputra Kurawa miboga
watek goréng kayaning, hasud, sirik-pidik, sarakah, tukang bohong, tukang
fitnah, jeung lian-lianna.
Rencana pamasrahan tahta Astinapura
ka palaputra Pandawa putra Pandu kahalang ku Déwi Gandari salaku pamajikan Déstarata jeung salaku indung
palaputra Kurawa. Déwi Gandari satekah polah lumaku kumaha carana sangkan tahta
Astinapura téh jaga teu ragrag ka palaputra Pandawa salaku pawaris sah, tapi
ragrag ka pihak Kurawa salaku palaputra manéhna. Ambisi Déwi Gandari dirojong
ku adina nu ngaranna Harya Suman nu
katelahna Patih Sangkuni, hiji patih
di karajaan Astinapura. Patih Sangkuni boga pikiran yén sangkan tahta
Astinapura bisa dicekel ku pihak Kurawa, mangka Pandawa Lima kudu disingkirkeun
ti Karajan Astinapura.
Ti baheulana, Pandawa Lima sok
leuwih punjul ti batan Kurawa. Boh tina kaparigelan maénkeun pakarang,
kapunjulan kapribadian, tur élmu pangaweruh boh kabatinan atawa kanagaraan. Hal
ieu ngalatarankeun mumusuhan di antara maranéhna leuwih ngebebela. Puntadéwa
atawa Yudistira unggul dina widang sastra jeung kanagaraan, Bima punjul dina
widang maénkeun gada, Arjuna punjul dina widang manah jeung élmu perang, sedeng
Nakula-Sadéwa sanajan can sawawa punjul dina prilaku jeung kapribadian.
Bima nu dedeg pangadegna jangkung
badag tur bedas tanagana, mindeng kelibet masalah jeung pihak Kurawa. Duryudhana jeung adina Dursasana ti pihak Kurawa pernah
digampleng ku Bima alatan maranéhna nyieun gara-gara ka pihak Pandawa. Sok
sanajan digulung dirempug dikoroyok ku duaan, tapi dina éta tarung téh angger
Bima nu unggul. Ti harita Bima sok jadi sasaran kaceuceub-kageuleuh pihak
Kurawa.
Hiji waktu, Bima nu pohara rampus
daharna dibéré racun ku Kurawa dina kadaharannana. Sanggeus Bima kapiuhan,
awakna tuluy dipiceun ka sumur Jalatunda
anu eusina pinuh ku mangpirang oray nu matih peurahna. Ngan ku pitulungna Batara Dadungnala, Bima salamet tina
bahaya pati. Malah, ti saprak harita Bima jadi kebal ku mangpirang baruang
(racun) nu sakumaha matihna gé.
Sadar usahana nyingkahkeun Bima téh
gagal, pihak Kurawa nyieun deui tarekah nyingkahkeun pihak Pandawa ku jalan
ngaduruk balé Sigala-gala tempat sararé Pandawa sarta Ibu Déwi Kunti. Ngan éta
tarekah gé gagal deui alatan Pandawa ditulungan ku Batara Naradha, Sang Hyang Antaboga, jeung Yama Widura.
Sangkan pacogrégan antara Kurawa
jeung Pandawa teu terus lumangsung, para kokolot nu diluluguan ku Resi Bisma jeung Yama Widura méré tarekah ka Déstrarata sangkan Pandawa Lima dibéré
leuweung geledegan nu katelah Wanamarta
(Wana = Leuweung, (A)marta = Ngaran éta leuweung). Éta bongbolongan téh
disapukan atawa disatujuan ku Déstrarata, nya antukna Wanamarta dipasrahkeun ka
Pandawa.
Alatan palaputra Pandawa mah punjul
pisan dina sagala widang –kaasup widang Tata Nagara-, tur dibantuan ogé ku
sawatara Déwa jeung sobat-sobat Pandawa, dina waktu nu singget maranéhna bisa
ngarobah Wanamarta nu asalna leuweung geledegan jadi hiji nagara atawa karajaan
kalawan dibéré ngaran karajaan Amarta,
tur boga puseur dayeuh atawa ibukota nu dibéré ngaran Indraprasta. Beuki lila Amarta beuki maju. Karajaanna beuki gedé
jeung kuat, sabab loba karajaan-karajaan leutik nu garabung ka Amarta.
Hal ieu ngabalukarkeun rasa ceuceub
Kurawa ka Pandawa beuki mahabu. Antukna, pacogrégan dua pihak nu beuki gedé
jaga di carita satuluyna bakal bubuara jadi perang rongkah antara Pandawa Lima
jeung Kurawa, katelah Perang Bharatayuda
di padang Kurusétra.
(R Langga T. Pangestu, tina sawatara sumber)
Komentar
Posting Komentar